Carpon Katilu
“Milih Dicerai Batan Dicandung”
Masalah awéwé ti jaman baheula, galuntreungna téh embung dicandung. Mendingan dicerai sakaligus. Aya patanyaan, “Kumaha atuh rumah tangga mun ukur hayang dicerai? Padahal henteu satuju dicandung? Tapi kunaon bet nepi ka dicandung?” Ti dinya, loba patanyaan… loba mikir!
“Hoream teuing mun ukur pikeun nyeri haté,” ceuk Bi Rumsih.
“Emang nyeri?”
“Nyeri haténa…”
Kunaon lalaki sok hayang nyandung, teu mikir perasaan pamajikan? Nyandung kudu saluyu jeung prosedur, lain tina salingkuh di tukang tuluy ngabela ku alesan poligami. Poligami téh lain pikeun nyeri haté… komo deui lamun teu kuat mah…
Carpon
“Pamajikan Deui Nu Disalahkeun”
Rumah tangga téh kadang ukur bagja sakedapan. Lamun jalma teu boga syukur dina haténa, loba silih nyalahkeun.
Bi Surti jeung salakina, Mang Warso, dua-duana boga ageman. Baheula hirup Mang Warso téh basajan. Tapi ayeuna, saenggeus welasan taun, sakabehna robah. Sagala hayang nyandung.
Padahal pamajikanna, Bi Surti, masih jagjag kénéh. Kunaon atuh waktu pakasabanana naék, duit loba, ujug-ujug hayang kawin deui?
Bi Surti embung dicandung. Manéhna usaha sakabéhna pikeun nyumponan kabutuhan hirup. Padahal salakina rada nyerong…
Tah, ti dinya, saha awéwé atawa pamajikan nu hayang dicandung? Kuat dicandung? Karunya ka Bi Surti… nyeri haténa.
Barudakna ogé teu satuju bapakna nyandung.
Waktu kakurangan, pamajikan téh dikekesek. Tapi salakina poho… keur susah mah jeung saha?
Carpon Kadua
“Ngaragap Diri”
Lamun jalma hayang diturutan sakahayangna, tapi teu ngarti kana kaayaan, moal rengsé éta masalah. Hirup sapopoe téh galuntreung.
Kunaon waktu bobogohan bisa narima kana kaayaan, ari ayeuna mah silih debat, silih nyalahkeun, sarta genggerong beuki heuras?
Jalma kudu syukur. Hirup anjeun leuwih alus tibatan nu séjén. Syukur boga pamajikan satia, salaki satia, henteu salingkuh kamana-mana. Moal aya gunana harta banda mun ukur jadi sumber padungdeng di tengah imah.
Lamun hirup ngan saukur silih nyalahkeun, embung éléh, ngarasa bener sorangan, tungguan waé waktuna… ngabelesat, teu katadahan… paburantak, ampar-amparan.
Kreator : Ijah Hadijah
Comment Closed: Kumpulan Cerpen 1
Sorry, comment are closed for this post.