Carpon isuk
“Matak Nyesel Popotongan”
Baheula bi Rumsih asa hese neangan kabogoh, komo pisalakieun mah. Rumasa diri sakitu rupana. Lobana ngageunggeureuhan atawa ngaledek jodona jauh. Umur geus naek ka opat can kawin. Bi Rumsih geus teu geunah cicing.
Kusabab dina asmara kirang sae. Lobana direbut batur, Bi Rumsih saukur ngahanjelu siga teu sumanget. Tapi kolotna ngadukung kana pendidikanana. Sakola sing luhur engke oge aya layanan anu sajajar pikeun Bi Rumsih…
Bener wae..Bi Rumsih teu leutik harepan. Sakola sing junun lamun salse jodo mah nuturkeun. Akhirna jodona aya anu sajajar bari taqorub ka Gusti Pangeran tawakal, hade dina kalakuan jeung omongan Bi Rumsih prung nikah dibale nyungcung…
Carpon Basa Sunda
“Luna Maxime”
Jeroning hate asa bagja ningali Luna sareng Maxime prung nikah. Artis lawas nu ngajodo teu disangka-sangka. Sim kuring bagea pisan meuni nyurucud cai panon.
Lain alatan artis kasohor ngajumantara, lain alatan geulis kasep, beunghar jeung rea deui. Mung aya anu tiasa dicandak hikmahna. Leres teu lepat argumen Luna yen nikah teh lain saukur hayang nikah, status wungkul nanging kedah ka jalmi anu tepat. Anu narima kaayaan waktos kapungkurna. Da anu dirandapan mah kahareupna. Maxime oge narimakeun ku deudeuhna mikacinta Luna sanajan yusia benten 10 taun. Lain Yusia anu dipalire, tapi tanggungjawab sauyunan nalika tos rumah tangga….
Happy marriage…
Kosa kata:
1.Bagja/bagea= bahagia
2.Nyurucud=air mata mengalir deras
3.Dicandak=,diambil
4.Dirandapan=bakal mengalami
5.Dipalire=dipedulikan
6.Sauyunan=satu tujuan, harmonisasi
Kreator : Ijah Hadijah
Comment Closed: Kumpulan Cerpen 2
Sorry, comment are closed for this post.