Cerpen Basa Sunda
Rabu, 14 Mei 2025
“Katipu Jualan Online”
Bi Rumsih hayang meser acuk. Acukna ogé saukur acuk sapopoe. Mimitina tina Facebook, tuluy dialihkeun ka WhatsApp. Bi Rumsih henteu curiga, da ieu téh kakara ngalaman meuli barang sacara online. Anu jualan puguh waé bungah, nawarkeun rupa-rupa dagangan.
Acuk setélan dikirimkeun gambarna ka Bi Rumsih, meuni loba. Siga milih-milih baju di pasar, tinggal milih warna naon. Klik waé—warna héjo anu dipilihna. Tuluy anu jualan ngirim pesen anu eusina form: alamat, nomer HP, jeung cara pangiriman. Harus transfer Rp100.000.
Singkat carita, Bi Rumsih ngeusian data sarta satuju meser acuk warna héjo, tuluy langsung transfer duit ka rekening anu jualan. Sanggeus kitu, Bi Rumsih munggaran mah ngadagoan. Sapoe, dua poe, tilu poe… nepi ka poe kaopat, acukna can katingali datang.
“Kumaha ieu téh? Geus dibayar, tapi barangna can nepi!”
Gerentes haté Bi Rumsih.
Akhirna, Bi Rumsih ngechat deui ka nu jualan. Jawabanana saukur:
“Meureun geus datang, biasana ogé rada lila lamun ka lembur. Dibatalkeun wae atuh pesenanana.”
“Har? Kumaha atuh? Geus dibayar masa dibatalkeun?!”
ceuk Bi Rumsih, rada keuheul. Tapi sanggeus éta, anu jualan teu ngajawab deui. Antukna, hésé dihubungi jeung tungtungna malah diblokir.
Asa katipu Bi Rumsih. Ti dinya, manehna embung meuli online deui. Ceuk babaturanana mah, lamun meuli online téh kudu ngaliwatan aplikasi anu dipercaya. Bi Rumsih ukur gogodeg… kakara ngarasa kabobodo.
“Pira ogé saukur saratus rébu…”
“Husss, lain kitu!” Bi Rumsih motong omongan.
“Lamun nu ditipu sapuluh urang, nya sajuta beubeunanganana!”
Matakna, ulah gampang percaya ka anu jualan online. Kudu jelas nomer teleponna jeung akun média sosialna. Bisa jadi éta akun téh hasil maling atawa nipu batur.
Aya ogé nu katipu ku barang bekas. Mesenna calana, datangna sendal jepit! Loba carita sapertos kitu: barang teu saluyu jeung pesenan, cara mayar anu matak ngarugikeun.
Nipu, boh gedé boh leutik, teu meunang.
Hasil tipu-tipu mah moal barokah. Duitna teu nyukupan, jeung haram hukumna—da geus ngarugikeun batur.
Kreator : Ijah Hadijah
Comment Closed: Kumpulan Cerpen 3
Sorry, comment are closed for this post.