Cerpen malam…
“Ngelel Siga Gukguk”
Pan geus dibejaan ulah diturutan. Naon sih?? Nyaeta foto selfie bari alal elel. Kunaon kitu?? Jalma mah sok nurutan gukguk. Maksud ente kumaha?? Mang Riswan meuni serius. Nyaeta loba ayeuna anu dipoto sok ngelel letahna, anu kitu teh pajarkeun hayang dikukumaha. Hayang dikumahakeun??! Mang Riswan tambah neges-neges ka Mang Oho. Ahh era ngomongkeunana. Lah..ari ngomong teh sing bentes. Pokokna ulah ngamumurah difoto alal elel siga sato. Masih loba gaya foto nu sae siga model bari modol…hehehe..duuhh jorok!!! Modol deui dibabawa…derr seuseurian Mang Riswan jeung Mang Oho. Kuring ngaliwat. Asa teu lucu. Pikir kuring…
Cerpen kedua
Ngimpi Oray Hideung
Dua poe kamari bi Rumih ngarandapan ngimpi oray hideung. Bi Rumih cumarita ka ceu Onah. Kieu caritana teh…
“Ceu..naon hartosna ngimpen oray hideung, ageung, panjang deui…”ahh pasti tetebakan nyaaa…paling ge dodol jawabanana. Waler ceu Onah sadapon bae. Yeuh..lain tetebakan, eta teh ciri atawa firasat kedah waspada wae. Ari oray teh jelmaan jin. Bisa wae oray biasa. Da teu ngegel. Potong bi Rumih. Lamun teu ngegel teu kunanaon. Mung aya carekanan ngimpen oray teh salah sahiji tabir mimpi sok diincer batur. Maksudna??Teu sakabeh jalma suka. Matakna kedah ngaraksa lisan atawa paripolah nu mikanyerikeun hate batur…
Cerpen Bhs. Sunda
DIBOGOHAN TULUY DIGEJRETKEUN
Duriat ngancik nu geugeut pageuh mang taun-taun. Nepi ka naon bae dicumponan kahayang eta kabogoh, dugi teu emut saha sabenerna eta jalma…
Teu pararuguh tungtungna silih khianat, silih meupeuskeun rasa kuciwa. Meupeus keuyang caritana..
Jol torojol neng inah ti kamar. Sumegruk ceurik teu tisasari. Nyampeurkeun lanceuk cikalna teteh Lia. Duh bageur kunaon bet kieu?? Neng inah bari rerenghapan nahan ka keuheul. Der cumarita. Teteh kunaon kabogoh kuring bet tega maseaan , pedah kuring teu panuju kana pamadegana. Sugan teh moal kasar omonganana…saur neng sesenggukan. Tos we lah putuskeun kabogoh kitu mah teu ngahargaan, watekna awon…tos dugi kadieu..pok Teteh Lia bari ngusapan punduk neng Inah.
(Memutuskan hubungan adalah sebuah pilihan daripada membawa masalah lebih rumit. Org yg mencintaimu sungguh-sungguh akan menahan lisan dari perkataan kasar dan ancaman)
Cerpen malam
“Satia Bisa dibeuli “
Jaman kiwari asa tambah beurat ujian hirup teh. Bi Inah ngahuleng. “Kumaha ngedalkeunana aya jalma nu awalna satia ehh ngadadak teu satia alatan hejo ningali duit puluhan juta. Kitu gogodeg bi Inah bari nyureng. Deg..hatena rumasa..kusabab manehna belok kagoda lalaki gebleg.
Kunaon lalaki gebleg?? Eta lalaki saukur ngadoja bi Inah. Geus dirayu diajak salingkuh rek dibere duit 10 juta asal daek ninggalkeun salakina. Kunaon bi Inah nyatujuan teu eucreugna teh. Pas satuju eta duit 10 juta teu keluar, lalaki eta mangkat kabur…bi Inah kena MODUSSS..

Boleh ya saya selipin foto saya….hehehe…..
Cerpen Bahasa Sunda
“ULAH CEURIK”
Sanajan hirup didoja ku sagala rupi cobaan. Da kuring mah teu ngamimitian masalah nu bakal rongkah. Nanging kunaon kuring nu disalahkeun, dicarekan sakaba-kaba bari teu acan ngadangu caritaan nu sabenerna. Ngahanjelu tungtungna teh anjeun rumasa teu taliti.
Aya rasa kasedih, aya rasa nu teu kedah dikedalkeun. Sugan we rasa kaduhung anjeun mawa bagja hurup bagea sareng saha wae anjeun mikacinta. Pok kuring ka manehna.
“Nyai, hampura akang nu teu ngaraksa hate, nu mikanyerikeun..”pok mang Oho bari sedih rarayna. “Tong ceurik, kuring terang pameget mah jarang ceurik, tapi hate anjeun nu ceurik nu ngabelaan nu salah, nu ngahina kuring bari teu jentre. Ayeuna bangbalik pikir, kaduhung tara tiheula…”waler kuring bari indit teu ngalieuk deui…
Cerpen ka-5
“Dihina jalma Maya”
Kuring mesem tapi keuheul maca’an chat inbox. Ujug-ujug ngaburusut eta omongan ngahina kuring. Pikir kuring eta jalma gelo teu wanoh saeutik oge…nyalahan…
Loba jalma kukulutus ka batur bari ngahina, mending puguh masalahna. Iyeu mah kuring katempuhan. Anu ngahina sabenerna ngahina dirina sorangan….kuring teu wawales ku basa sadis tapi saukur maca…nereleng nulis nu teu mikanyerikeun kana hate…lain teu wani ngahareupan, sarua gelona…
Cerpen pagi..
“Gara-gara Filter Bubar”
Pan jalma ayeuna mah aya anu ngagunakeun filter dina kamera dina hapena. Kunaon?? Pan hayang katingal geulis, kasep, mulus, euweuh jerawat komo bopeng mah. Heuheuy nini Sari seuri. Geuning manehna ge kitu make filter supaya ngora deui…dasar nini-nini genit!! Pok Bi Rumsih tatanggana keur namu.
Ari kitu teh nipu niii..pasti hayang papanggih da panasaran. Atuh disosmed kasep siga artis, atuh nini oge hayang katingal geulis..”tempas nini Sari embung eleh. Aipek teh janjian papanggih. Tah eta aslina teh..nini-nini papanggih jeung aki-aki anu di sosmed make filter.
Teu antaparah deui lain malah sosonoan, antukna teh kukulutus teu tumarima duanana silih ledek, silih ngahina..siga budak leutik wae…hehehe..bubar we ari geus kitu teh…
Carpon isuk-isuk dipoe minggu..
“Alatan Filter kamera jahat”
Aya jalma katipu alatan filter atawa kamera jahat. Kunaon kitu?? Ngarana oge aplikasi geus rupa-rupa. Anu goreng jadi geulis atawa kasep, anu jarawatan ngadadak mulus bersih siga artis, kolot jadi ngora, ngora jadi kolot..jeung rea deui…
Kunaon bet nipu?? Kusabab jalma lobana hayang katingal alus, bari ngabohong kana umur, status ngaku parawan atawa lajang padahal tukang kawin…tah didinya urang ulah kabobodo tenjo…alus foto profilna bisa jadi beda didunya nyata…sing ati-ati wae…
Carpon beurang
“Ulah Neangan Nu Leuwih, biĺih Panggih Kapeurih”
Ari hirup teh kudu loba syukur sakumaha kaayaan. Lamun ningal kahirupan batur tingali jalma nu susah tibatan urang. Loba keneh jalma apruk-aprukan teu boga imah alias tuna wisma. Hese dahar hese sare…
Mung kitu..jalma oge sok hayang nu leuwih. Palah pilih sugan meunang nu leuwih aipek teh kapeurih. Ari jalma embung syukuran lobana harak jeung sarakah. Kudu ditengetan wae. Ulah pipilih lamun geus kabagean. Boh jodo, rezeki sehat, boga imah, anak jeung rea deui…
Kusabab hayang meunang nu leuwih wae, dugi poho syukuran narimakeun takdir, lobana ngarasula teu narima dibere susah, sedih, pailit..mentalna teu kiat eleh epes me’er…
Carpon isuk-isuk
“Matakna Ulah Wawanian”
Sakumaha resep aranjeun ka pamajikan batur, ka salaki batur lamun kanyahoan rudet urusan. Kunaon kitu?? Saukur resep masih mending teu kukumaha. Anu salah ngajak salingkuh bilih dilabrak. Waduhh aya kitu?? Ulah wani-wani nyebur kana masalah jalma geus boga pasangan…
Sosmed ngabebenjokeun ari salingkuh lewat sosmed anu pohara gede masalahna. Ulah wawanian lamun kajebak salingkuh lewat sosmed sok katipu. Matakna ulah wawanian ari hirup hayang tenang, damai teu pagujrud….
Biasana awewe nu jadi korbana katipu ku foto profil anu kasep, mentereng dina jabatan, katingal beunghar padahal jalma susah. Kunaon kitu?? Maenya jalma beunghar nipu tuluy menta pulsa…hehehe….
Carpon kadua
“Ani-ani No, Simpanan Yes”
Aya konten babasana kitu. Asa kakarak ngadenge. Saha sih?? Eta anu keur viral ngajumantara.
Ari simpanan teh masih keneh kirang sreg dina basana. Loba jalma ngartikeun istri simpanan. Dina bahasa Indonesia kecap siga kitu teh kirang saluyu jeung rada aneh dina kahirupan rumah tangga, dina masyarakat.
Teu dipungkir aya Basa, julukan, kecap anu hartina beda-beda. Ari ani-ani mah lain nini-nini mung bahasa rada halus. Sok atuh teangan harti tina Basa eta. Bahasa kasarna mah jalma anu ngajual diri. Bener kitu??…..jadi ageman nu alus turutan, anu goreng teu kudu dicontoan….
Carpon Basa Sunda
“Ani-ani=Etem”
Sok aya awewe teu nyaho naon eta ani-ani, naon eta etem?? Ari ani-ani jaman baheula sarua jeung Etem nyaeta hiji pakakas peranti motong pare hiji-hiji. Etem rada mirip siga sisir kerep. Bedana Etem mah aya siga piso mirip hinis seukeutna. Da makena oge ku leungeun.
Ari ayeuna mah..har aya kecap ani-ani. Hiji julukan ka jalma anu sok jual diri. Tah..kudu ati-ati ngucapkeun babasa eta..kumaha wilayah jeung harti anu beda…kusabab bilih aya nu salah paham…
Carpon Basa Sunda
“Jauhan Ngarogahala Batur…”
Sakumaha rapih jalma nyumputkeun kalakuan goreng, lila-lila bakal kanyahoan sanajan dibungkem mingkem. Nepi tilar dunya Gusti Pangeran anu uninga sagala laku lampah manusa.
Jaman ayeuna sarieun pisan aya jalma dipaehan atawa dipodaran lantaran sieun kabuka topengna. Sieun asup bui, sieun ear di medsos, ditutup ku lakban, ditutup ku duit supaya ulah bocor. Curinghak wae Mang Japra nitenan bewara. Komo Mak Rumsih sieun ka luar imah sieun diculik. “Saha anu rek nyulik maaakk…puguh we moal daekeun ka nini-nini mah”Pok mang Japri rada ngaledek. “Har…ulah cangcaya..nini-nini oge masih payu keneh..hihihi!” Tembal mak Rumsih mesem.
Enyaan ayeuna mah sarieun loba jalma gelap mata….
Carpon Basa Sunda
“Beuteung Bucitreuk”
“Kunaon atuh bet nyanyahoanan miluan nginum koka kola dibarengan ngadahar duren?!”. Kusabab kadaharan panas kana beuteung bisa utah. Pok Mang Ramdhan mere jawaban. Jang Asep camberut siga dicarekan. Komo atuh minuman keras ngaruksak kana awak, kana pikiran, kana duit beak teu puguh…
Sakitu ge utah kukadaharan anu dioplos. Jadi teu sehat teu nyehatkeun. Kunaon aya larangan nginum iyeu nginum itu?? Nereleng deui Mang Ramdhan ngingetan. Jang Asep ngalieuk. “Kunaon loba anu dilarang?? Kusabab aya efek atawa akibat ngaruksak komo over dosis…hiji perkara mimitina halal bisa jadi haram lamun kaleuleuwihan. Komo anu puguh haram siga nginum minuman keras jeung sajabina…
Kreator : Ijah Hadijah
Comment Closed: Kumpulan Cerpen Sim kuring Agustus 2025
Sorry, comment are closed for this post.