“SESELEKE”
Jalma mah geuning sok aya nu milu-milu, pipilueun ka masalah batur. Aya anu rongkah tungtungna, aya anu kepo, aya oge anu mamanas alatan kompor meleduk jeung rea deui kumaha niat…
Seseleke teh neangan tempat anu muat atawa longgar sanajan sempit eta tempat teh. Kitu deui ayeuna loba jalma paheula-heula hayang jadi itu iyeu seseleke wae. Komo silih sikut mah..
Ulah seseleke lamun urang sadar yen urang teu cocok, teu merenah aya dina hiji tempat. Jabatan, pangkat bisa diseseleke ngan kitu kudu narima resikona..
[11.00, 16/8/2024] Ijah Hadijah/bu Guru Puci: Cerpen isuk-isuk
“Mending Boga Salaki Goreng”
Kacaritakeun bi Inah kukulutus saban poe. Kunaon atuh siga nu ambek, siga nu kesel, pokona mah rarungsing.
Cukang lantaran geuning bi Inah boga salaki kasep. Kuduna mah syukuran. Iyeu mah mawa masalah. Kusabab salakina loba lagu, loba balaga rada cunihin. Gumasep rada genit ka awewe. Puguh atuh bi Inah timburuan. Asal aya anu geulis digoda lamun lewat dihareup imahna. Can kanyahoan we…
Hiji poe aya apesna. Awewe anu digoda boga kabogoh. Teu antaparah gelut we lalaki nu beda status teh. Tungtungna mah barengep eta raray kena bogem mentah…
Tah matakna ulah cunihin ka awewe batur, da batur oge embung sagawayah digoda, diganggu.komo diajak salingkuh mah…jeung rea deui…
[11.01, 16/8/2024] Ijah Hadijah/bu Guru Puci: Cerpen malam
“Ulah Ngagejretkeun ku perkara leutik”
Naon atuh nu dipilari dina kehirupan dunya?? Iwal Ridho ti Mantena nyaeta Gusti Pangeran. Palebah mana urang sok mopohokeun nu jadi kawajiban urang salaku “hamba”. Pan Loba jalma hare-hare kana kewajiban, salah sahijina sholat. Sholat teh beurat anging jalma nu ikhlas dina ibadah. Sakumaha ikhlas eta jalma sok kaeunteupan ujub nyaeta bangga kana ibadahna. Ikhlas janten riyya. Eta perkara anu teu tiasa katingali. Eta masalah panyawat hate. Eta pangkalna dina niat. Loba jalma anu lumampah didunya tapi pahala ibadahna ngurangan, kumargi panyawat hate. Sok ngagejretkeun naon anu diwangun siga salatri padahal mah ngurangan lantaran panyawat hate tur mikanyerikeun hate batur
Kosa kata:
- Hare-hare=Tidak begitu serius
- Panyawat=Penyakit
- Ngagejretkeun=Menjatuhkan
- Kaeunteupan=Terkontaminasi
- Gusti Pangeran= Tuhan YME
[11.03, 16/8/2024] Ijah Hadijah/bu Guru Puci: Cerpen malam
“Satia Bisa dibeuli “
Jaman kiwari asa tambah beurat ujian hirup teh. Bi Inah ngahuleng. “Kumaha ngedalkeunana aya jalma nu awalna satia ehh ngadadak teu satia alatan hejo ningali duit puluhan juta. Kitu gogodeg bi Inah bari nyureng. Deg..hatena rumasa..kusabab manehna belok kagoda lalaki gebleg.
Kunaon lalaki gebleg?? Eta lalaki saukur ngadoja bi Inah. Geus dirayu diajak salingkuh rek dibere duit 10 juta asal daek ninggalkeun salakina. Kunaon bi Inah nyatujuan teu eucreugna teh. Pas satuju eta duit 10 juta teu keluar, lalaki eta mangkat kabur…bi Inah kena MODUSSS…
[11.05, 16/8/2024] Ijah Hadijah/bu Guru Puci: Cerpen wayah kieu…
“Jalma Medit dimeditan deui..pelit meregehese”
Aya jalma pelit, bahasa arabna bakhil. Ari pelit mah teu meunang. Kusabab jalma medit mah sok dimeditan deui ku batur. Kumaha tah rasana hese barang bere, aipek teh butuh ka batur, ari sorangan embung mere. Pan pinter kodek ari kitu teh…
Ari keur butuh mikaharep dibere batur suk sok golosor dibere..ari manehna medit ka batur..hese mere naon-naon oge…anu leuwih kesel nyaeta meujeuh teu mere, ngomongna perhitungan deui…asa hayang dibabuk wae jalma nu kitu teh…hehehe..
[11.06, 16/8/2024] Ijah Hadijah/bu Guru Puci: Cerpen peuting…
“Reuneuh Hayang Ditanggung Jawab Ka Salaki Batur”
Kunaon eta mimitina. Bet aya awewe rambisak menta ditanggung jawab ka salaki batur. Atuh puguh curinghak asa pede pisan koar-koar disosmed…menta ijin ameh pamajikanana mikeun…
Asa gogodeg ngadengena oge. Pan disalahkeun ku netizen. Atuh kunaon daek direuneuhan geus reuneuh kakarak bebeja. Atuh pagiweur iyeu dunya..
Karunya kana warugana, meujeuh geulis..aipek teh reuneuh. Sanajan ngaku salah, atuh pamajikanana moal daek ngaku komo dicandung mah ujug-ujug ngaku direuneuhan ku salakina. Duhh..geulis matakna kudu ati-ati ulah daek mere kaparawanan tuluy salingkuh jeung salaki batur, tuluy salaki batur embung tanggung jawab.
Kreator : Ijah Hadijah
Comment Closed: Kumpulan Cerpen sim kuring part 1
Sorry, comment are closed for this post.