[11.18, 1/10/2024] Ijah Hadijah/bu Guru Puci: Cerpen kadua
“Budak Baong alias badeur”
Budak badeur eta keur nyieuna teu ngadu’a. Bisa jadi dibantuan setan. Komo nyieuna dileuweung, di ronggos, di imah kosong, ditempat anu angker.
Tuluy saha anu disalahkeun?? Intina mah Budak badeur kusabab diwewelan barang haram. Dahar tina duit ku jalan haram. Bisa jadi oge indung jeung bapakna beuki ngadahar barang haram. Ari awak siga manusa tapi kalakuan siga setan. Aya anu ngomong kitu..
Matakna anak dididik ti leuleutik. Lain diserahkeun sapinuhna kapangasuh atawa guru. Kudu silih malire. Ulah sesentak ka budak teh..kusabab eta teh sok nurutan geus gedena..
[11.19, 1/10/2024] Ijah Hadijah/bu Guru Puci: Cerpen isuk…
“Nyandung Mikanyerikeun Pamajikan”
Lamun nyandung saukur ngalampiaskeun nafsu syahwat ka pamajikan anu kadua, meureun ngan sakitu gaweanana. Tuluy mikanyerikeun pamajikan anu tiheula, meureun sakitu ka’ayaanana.
Kudu kuat anu dicandung. Lobana papisah milih cerai bakating teu kuat dicandung. Aya oge anu dicandung kusabab mikir maslahatna. Ku Rupa-rupa masalah dicandung anu jadi cukang lantaran hirup bagja atawa sabalikna sangsara…
Kabeh oge hayang alakur eta anu dicandung. Mung teu sagampang ngajalankeunana. Pastina oge aya paketrok boh pamikiran, nafkah lahir batin, hak barudak jeung rea deui…
[11.21, 1/10/2024] Ijah Hadijah/bu Guru Puci: Cerpen isuk
“Bobogohan nepi ka teu ELING”
Jaman kiwari barudak bobogohan ti kawit barudak SD dugi ka SMA sigana teh asa euweuh eureuna masalah sex bebas. Aya anu kabablasan nepi ka teu perawan jeung perjaka deui. Asa hese neangan anu perawan jeung perjaka tingting…
Imbas tina bobogohan anu kabablasan. Tungtungna masa depan suram burem. Kudu kuat dina ujian. Ujian si imin. Nyaeta kudu bisa ngajaga kehormatan. Ulah ujug-ujug teu eling kudu mikir kadituna…
[11.22, 1/10/2024] Ijah Hadijah/bu Guru Puci: Cerpen pagi….
“Hayang Kawin”
Barudak anu gumincir geus ngarti naon eta kawin. Paribahasana ayeuna kawin teh geuning beda jeung nikah. Ari nikah asa beurat. Ari kawin di ronggos oge dijabanan. Ari urusan nafsu syahwat mah teu mandang saha pelakuna. Asa leubar/disayangkan barudak jeung jalma dewasa komo geus aki-aki karawin teu bebeja…
Saha anu kudu disalahkeun?? Kudu introspeksi diri ka sakabeh jalma anu ngarti. Kawin jeung nikah tangtu beda digunakeunana. Lolobana kabelet kawin kalayan jalana nu salah…
[11.24, 1/10/2024] Ijah Hadijah/bu Guru Puci: Cerpen Peuting
“Salaki Limited Edition “
Salaki teh caroge atawa suami dina pasutri. Ari salaki sok disebut imam rumah tangga. Makmumna tangtu pamajikan/istri sareng barudakna.
Ari salaki anu hade siga kumaha?? Sakabeh awewe tangtu ngomongkeun anu bageur, sholeh, alim jeung rea deui. Sifatna anu hade teu boga cacad…aya kitu?! Aya oge langka. Eta “limited Edition”. Ari limited Edition teh naon?? Nyaeta salaki anu stokna jarang. Komo ayeuna leuwih hese neangana. Kitu deui istri. Komo istri mah leuwih babari neangana hayang siga kumaha. Lolobana sautik anu boga rasa syukur boga salaki, boga istri…aipek teh teu narima sagala kakuranganana..sakitu ge hade, satia teu salingkuh…tetep we neangan nu leuwih hade..ahaayy aya nu kitu??……..
Kreator : Ijah Hadijah Puci
Comment Closed: Kumpulan Cerpen sim kuring part 2
Sorry, comment are closed for this post.