Cerpenku malam ini…
“DUIT= Do’a, Usaha, Ikhtiar, Tawakal”
Loba jalma minjeum duit alatan kurang wae kebutuhan hirupna. Aya oge jalma wegah ikhtiar tapi hejo mun ningal duit. Aya oge teu boga duit hirup meuni ririwit. Aya deui deui teu boga duit puyeng teu bisa dahar. Rupa-rupa masalah alat duit. Alatan duit jalma paciwit-ciwit. Alatan duit deui jalma teu kaop maok teu sieun ka Gusti Pangeran.
Alatan duit keneh jalma tega ngarogahala batur. Paingan loba jalma khilaf kusabab elmuna can nepi nahan nafsu ngagolangkeun duit. Duit jadi panyakit lamun urang teu bisa sabar, hawek alias sarakah. Duit matak bagja tapi duit matak nyilakakeun lamun neanganana dina jalan salah…Duit teh papanjangna nyaeta do’a, usaha, ikhtiar geus kitu tawakal naon wae hasilna..
[15.29, 21/8/2024] Ijah Hadijah/bu Guru Puci: Cerpen Bahasa Sunda
TUING-TUING LAIN TEUING-TEUING..
Crot nyiduhan kuring eta jalma sedeng. Sigana kasurupan. Teu puguh-puguh nyarekan kuring. Teu taliti ti mimiti, babari kahasut ka pangaruhan jurig. Sigana rek gelo eta jalma. Ngan karunya ka warugana.
Manehna nyorocos siga kapal curucus..cuss..cuss…hiber ka langit. Lain jalmi piningit ari gampang ka pangaruhan, gampang di adu domba…manehna nu surak jalma gelo tea. Gerentes hati kuring handeueul. Jalmi nu nyiduhan kuring dirawu ciduhna ku kuring dina tanaeuh. Asa dihina kuring ku manehna. Dipaparancahan ku kuring eta nu ngahina kuring bakal bogoh rada gelo sakeudeung mah. Babaturan kuring ngalarang. Ulah kitu..sanajan anjeun dihina, dinyenyeri ulah diwales…pasrahkeun ka Mantena.
Huntu meuni pepereket nahan ka ambek. Akhirna kuring teu wawales.
(Janganlah meludah sambil berkata2 yg kurang baik, fatal akibatnya bila seseorg menjalankan sesuatu yg tak terduga. Ini hanya mengenai bagi org yg punya salah dan tdk meminta maaf)
[19.46, 21/8/2024] Ijah Hadijah/bu Guru Puci: Cerpen siang
“MEDSOS NU NGOMONG”
Jaman ayeuna mah loba jalma nyieun konten hilir mudik pasuliwer. Teuing hayang loba nu ngelike, teuing hayang kasohor, teuing hayang boga duit alatan jadi youtuber, bloger, atawa aplikasi nu keur ngetrend…
Aduh alah iyeung..emak2 oge marilu eksis sakedar hiburan, atawa kukulutus bari pasindir-sindir..aya nu pikaseurieun..aya nu nyeleneh…loba deui teu kasebut…bi Surti nyerengeh ningal hp bari kokojotan teu sadar dirina…
Rupa2 jalma ayeuna kalingkung ku medsos, ku aplikasi, era digital bari teu era satengah taranjang nyieun konten geuning leuwih laku dideuleu tibatan konten nu sopan….ahihihi…
[19.49, 21/8/2024] Ijah Hadijah/bu Guru Puci: Cerpen bahasa sunda
TUING-TUING LAIN TEUING-TEUING..
Crot nyiduhan kuring eta jalma sedeng. Sigana kasurupan. Teu puguh-puguh nyarekan kuring. Teu taliti ti mimiti, babari kahasut ka pangaruhan jurig. Sigana rek gelo eta jalma. Ngan karunya ka warugana.
Manehna nyorocos siga kapal curucus..cuss..cuss…hiber ka langit. Lain jalmi piningit ari gampang ka pangaruhan, gampang di adu domba…manehna nu surak jalma gelo tea. Gerentes hati kuring handeueul. Jalmi nu nyiduhan kuring dirawu ciduhna ku kuring dina tanaeuh. Asa dihina kuring ku manehna. Dipaparancahan ku kuring eta nu ngahina kuring bakal bogoh rada gelo sakeudeung mah. Babaturan kuring ngalarang. Ulah kitu..sanajan anjeun dihina, dinyenyeri ulah diwales…pasrahkeun ka Mantena.
Huntu meuni pepereket nahan ka ambek. Akhirna kuring teu wawales.
(Janganlah meludah sambil berkata2 yg kurang baik, fatal akibatnya bila seseorg menjalankan sesuatu yg tak terduga. Ini hanya mengenai bagi org yg punya salah dan tdk meminta maaf)
[19.50, 21/8/2024] Ijah Hadijah/bu Guru Puci: Cerpen kadua
“Pajarkeun moal oyag geuning aroyag”
Kunaon cambetut wae kamu teh?? Taros ceu imi ka ceu ima. Atuh urang diremove, sakalian we diblokir” ahh nu kitu dipikiran…lain masalah diremove, diblokir..ayeuna mah pikiran we nu nyata..nu aya..nu kedah disyukuran..ngarana oge dunia maya..loba nu ngaku2..loba nu teu jarelas…tempas ceu ima ka rayina.
Matakna ulah kamalinaan di dunia maya teh. Saukuran hiburan euceu mah. Waler ceu Imi. Ceu Ima nunduk katingali sedih. Kunaon siga nu sedih?? Bonganan bobogohan ka jalmi nu teu jelas jadina we kitu..tempas ceu Imi deui rada nyalahkeun.
Ceu ima sareng ceu imi saukur cicing. Rumasa patali asih jeung jalmi dunia maya nu teu jelas. Akibatna nyeri hati nu sesah neangan ubarna. Matakna ulah bobogohan ari kitu mah loba madaratna tibatan maslahatna. Kitu saur ceu Imi mamatahan sorangan.
(Sesuatu yg tdk jelas lebih baik dihindari, karena memunculkan konflik dengan sendirinya…)
[19.51, 21/8/2024] Ijah Hadijah/bu Guru Puci: Cerpen bhs. Sunda..
“DISENTIL NGAJENTIL”
Sarupaning lalampahan jalma rea khususna di dunia maya. Saukur ditingali, diwaler komenan, dilike bari kepo, dicicingkeun pedah lain baturna, jeung rea deui.
Uyuhan teu uyahan. Di dunia maya teh geuning loba memedi baturna jurig. Alah siah loba nu katipu, kabobodo tenjo, modus istilahna..iihh geuning kituuu..gogodeg Nyi Edoh ngarandapan nu munggaran. Plok sirah diteplok bakating rumahuh kana pamolah sorangan.
Nembe ayeuna urang disentil ku jalmi didunia maya. Sugan teh teu matak nyeri hate. Duh gusti baper jadina teh. Kitu gerentes hati ceu mumun. Yey..kunaon siga ngahanjelu kitu?? ari dunia maya mah kumaha urangna, kedah ati-ati!! Pok nyi Edoh bari ngajebian. Atuh..disentil urang ge ngajentil ari kitu-kitu teuing mah..waler ceu mumun. Hehehe..siga lauk lele matil..tos sakalian laporkeun ka polisi, pan aya undang-undangna..waler nyi Edoh. Aya paripaos mulutmu harimaumu..matakna kade, omat ngaraksa sakabeh nu aya..tempas ceu mumun. Nyi Edoh ngangguk siga nu ngarti….
(Berhati2lah dlm menulis status dan lainnya…tulisan juga diartikan lontaran dari mulut melalui jari)
Cerpen siang…
“Kunaon Foto Profil dihapusan??”
Biasana keur oleng eta jalma. Foto mana anu hade. Pan potona oge poto taun jebot masih wae dipasang. Bisa wae poto meunang mulung atawa foto batur. Foto meunang ngadownload tina mbah gugel. Bisa foto artis, bisa foto animasi, bisa dari foto aplikasi terkini.
Lumayan foto paranti nyingsieunan beurit. Bisa jadi foto tina akun anu dibajak. Tuluy dipake nipu make foto pejabat, tokoh publik..jeung sejena padahal mah mengkeluk anu boga niat jahat nipu di sosmed.
Kudu waspada wae. Sakumaha canggih foto profil jeung kronologina lamun asli bisa dibedakeun jeung Anu modus..waspadalah…
Cerpen malam
“KASAMBET JURIG”
“Har..ari kamu kumaha iyeu teh?? Panuju janjian dijembatan eta..ari ayeuna mangkir??!”tempas Ceu Ida rada ngambek. Lain kitu..mending wae di taman atawa tempat anu endah. Wales mang Oho bari culang cileung. Maranehna jaranjian. Singgetna ditaman pas waktu magrib.
Ari waktu magrib kuduna mah ngaraji dimasigit atawa diimah sewang-sewangan. Ulah Janjian komo bobogohan barudak dina waktu magrib. Kusabab waktu magrib teh jurig jeung babaturanana kalaluar. Manusa ngampih lamun peuting. Loba budak kasambet dina waktu magrib, janari, atawa tengah peuting. Komo budak anu loba ngalamun jeung kosong dadana tina iman…
Kreator : Ijah Hadijah
Comment Closed: Kumpulan Cerpen sim kuring part 3
Sorry, comment are closed for this post.