“Syukuran Alatan Naon??”
Kumaha medarkeun carita ieu teh. Pok Bi Surti ngamimitian. Aya naon atuh Bi?? Tempas Ceu Onah ngabandungan. Kieu caritana teh.
“Kunaon jalma lamun boga kahayang sok ngadeukeutan, muji-muji jeung someah pisan. Kakarak oge wawuh. Kuring dialem, diolo..dipunjul keun wae. Balageur sigana teh. Harita kuring keur boga duit. Hayang ditraktir dahar, kuring teu mikir panjang ditraktir sakabeh babaturan anu nyampak. Itung-itung syukuran aya rezeki. Har…kunaon lamun aya masalah kuring dikekesek.
Tidinya kuring mikir, lamun jalma bageur teu lumrah eta teh sok curiga. Lain dulur lain sasaha, jol minjem duit teu tisasari, jol minjeum buku, aya anu itu iyeu…poho kana poe penting..ari batur inget, ari ka kuring poho…”
Bi Surti jempe geus cumarita teh…Ceu Onah gagaro teu ateul sigana teu ngarti kana omongan Bi Surti.
“Cinta Sebatas Fesbuk”
Dari jam 5 shubuh hujan turun tak henti-hentinya. Cuaca dingin menggiring Risa memandang jendela kamarnya. Dibuka gorden bunga-bunga warna pink bergambar sakura, cantik dan lembut, tapi tidak demikian dengan hatinya saat ini seakan tersayat-sayat pisau.
Kenangan masa lalu sungguh menghujam hatinya. Percintaan difesbuk membuat Risa trauma berkepanjangan. Risa terlalu mencintai laki-laki yg modus dan menipu dirinya. Risa hanya tertegun..
Seandainya media sosial ini dimanfaatkan dgn baik tentu berakhir baik. Tapi kalau urusan dgn hati, cinta maka semua diblokir.
“Naon Wae Masalahna, Nginumna Kopi Pait”
Masalah hirup mah euweuh anggeusna nepi ka pati. Kunaon cing?? Hirup teh ujian. Saha anu bisa lolos tina ujian, artina naik derajatna.
Aya Masalah rumah tangga pasea ku alatan anak. Dar der dor lamun pasea teh. Pan kudu bisa ngawadahan sakabeh Masalah. Lobana aral subaha. Aya oge papisah alatan cara ngasuh beda, jadi ngagedur amarah unggal poe.
Aya deui rumah tangga jarang pasea. Sigana geus mati rasa. Nahan cicing di imah alatan anak oge. Kumaha sapopoena?? Nya kitu we cicing lobana. Ngomong alakadarna, ngalayanan alakadarna.
Loba Masalah ibarat urang nyanghareupan kopi pahit. Pait pikeun jalma anu can ngalaman. Loba anu teu ngomong alatan sangeuk ngedenge curhat pamajikan atawa salaki. Salaki curhat ka babaturan meuni uplek tapi ka pamajikan heuras genggerong..komo salingkuh ti pamajikan rumasa kawasa…jeung rea deui…..sing hade dina Masalah naon wae, kusabab jalma bener dina laku lampah saeutik….
Cinta Lama Belum Kelar
Sarupaning tetebakan rek siga kumaha. Ulah loba tetebakan tungtungna mah loba prasangka anu can tangtu benerna. Kusabab ti mimiti geus murugul jadina tikusruk dina masalah nu ruwet…
Lamun urang geus papisah, paturay alias cerai. Ulah ngungkit2 jaman baheula jeung mantan. Komo popotongan alias urut pamajikan atawa salaki. Komo ngobrol deui siga keur bobogohan..atuh pastina oge salah…komo balik deui ka mantan..hehehe…tungtungna dicarekan ku pamajikan anu syah…anu popotongan ulah nyampeur-nyampeurkeun deui atuh…matakna awewe ngadadak cerewet teu katahan….
“Belahan Susu”
“Kunaon atuh nyaa..awewe meuni bangga ku susu rayud?!”Eta si eta ngomong meuni bentes pisan, emang kunaon?? Bi rumsih rada olohok. Mak Imih seuseurian. Jorok ngomongkeun eta…tapi da ayeuna mah geus biasa geus lumrah..pok Mak Imih.
“Matakna atuh Mak ulah dibiasakeun ningali nu kitu teh” Tembal Bi Rumsih. Ari jalma anu hade, kuduna jaga aurat…lain sangaja ditembong-tembong..heuheuyideuh..pan eta daya tarikna teh…tembal Mak Imih. Hayu we galuntreng ngeuna’an susu rayud….
Gara-gara Nafsu teu katurutan…
Iwal emut bae ka Gusti, kusabab setan jeung baladna satakerkebek neangan celah ngagoda manusa timana wae..
Profesi naon wae jadi taruhan, ku sabab aya oknum teu tanggungjawab. Ari jalma mah sok aya tisoledat matakna kudu inget wae…
Sing hade dina kalakuan, hade catur jeung tutur.
Kreator : Ijah Hadijah
Comment Closed: Kumpulan Cerpen sim kuring part 4
Sorry, comment are closed for this post.