Carpon Aktual
“Kades Meuli Pesawat”
Mang Oho meuni olohok kaget ningali pesawat hiber ka galengan sawah. Para petani curinghak, ka asup mang Japra. Ngareureuh tas macul bari ngadahar anteuran ti pamajikanana.
“Lain helikopter eta mah, iyeu mah pasawat terbang”. Boga saha eta teh?? Tempas Mang Oho ka Mang Japra ujug-ujug eureun daharna. Mang Oho saukur gogodeg teu apal.
Lila-lila mah geuning aya nu ngomong, anu harewos ti kejauhan. Yen eta kapal pasawat terbang teh tina dana desa nyokotna teh. Atuh paingan kaget, kakarak ge setaun ngajabat geus bisa meuli pasawat. Pesawat pribadi deui….
Pangwangunan desa kuduna mah leuwih diperhatoskeun tibatan meuli Pesawat pribadi. Atuh orang desa naon gunana aya pasawat da moal dipake unggal poe, mending melak pare…kitu ngaromongna teh orang desa ayeuna geus cerdas nitenan naon wae anu nyampak sanajan cicing-cicing…
Carpon kadua
“Ngahina Asup Penjara”
Jalma anu teu ngaraksa omonganana bakal apes hirupna. Komo bari nyeuseulan tutunjuk, lamun diciduk mah ceurik anu ngahina teh. Da moal aya hiji oge jalma anu daek dihina. Eta mah boh omongan boh pamolah sorangan. Jalma ge ari dihina-hina teuing mah akhirna ngegel. Tapi jalma nu hade teu ngawales hinaan anging elegan ku omongan anu ngadidik tapi nyelekit jeung diasupkeun kana bui lamun kaliwatan pisan ngahinana….
Carpon isuk-isuk
“Jalma Miskin Ulah Loba Gaya”
Hirup mah basajan wae sakumaha ayana sanajan beunghar oge. Pan jalma ayeuna mah panasan, babari pisan dikomporan teh. Kumaha kitu?? Mang Oho rada sarius ngalieuk mang Japra keur ngopi. “Eta sok jalma rada naek ekonomina teh, bapana naek jabatanana, puguh atuh naek tunjanganana..”tuluy kumaha?? Mang Japra ngabandungan. “Kunaon nyaa..siga bet bit bet..meuli iyeu meuli itu..jalan-jalan kaditu kadieu komo geus boga mobil mah..”naha da teu salah?! Tempas Mang Japra deui. “Singhoreng tatanggana sarua kitu..eta teh pamer..teuing panasan..”ahh biasa eta mah..teras kumaha anu lepatna?? Potong Mang Japra deui..Mang Oho..ngahuap sampeu. “Nyaetaaa..Singhoreng loba hutangna…atuh lain jalma beunghar ari kitu mah”tembal Mang Oho neureuy sampeu rada kabeuheulan…
Carpon isuk-isuk
“Anggaran Kotor”
Sakumaha buktina loba jalma parebut lahan basah, Anggaran naon bae siga anu enya padahal mah fiktif. Kumaha atuh eta?? Rahayat leutik saukur ngabandungan lalajo percaturan politik di negri urang. Komo rahayat anu bodo mah dibobodo wae saumur hirup. Matakna hidep kudu sakola. Geus sakola ulah kabawa sakaba-kaba. Ulah nurutkeun anggaran anu kotor lamun ngajabat..
Sabab anak pamajikan diparaban tina barang kotor atawa haram, engke nurunkeun generasi anu hese diatur…tah pikirkeun we kedah kumaha…
Carpon beurang
“Tadah Tuduh Teu Katadah”
“Saha maraneh nyanyahoanan nuduh batur boga ijazah palsu. Tuluy kumaha lamun kabuktian palsu atawa asli?? Naon kakaitanana jeung maraneh??” Pok mang Oho tegas nuju lalajo tv. Mang Japra teu eleh miluan bari nyureng merhatikeun bewara. Asana teh teu kudu ngulak ngulik dokumen batur. Naon tujuanna?? Tanya mang Japra rada manyun..pan loba jalma nyieun rusuh pikeun ngagejretkeun jalma nu can tangtu salah..
Aipek teh ayeuna mah sagorombolan. Siga nu heu’euh ahli iyeu itu, malah lulusan S3 gelarna Dokter. Aipek teh anu nuduh ijazahna palsu…
Hirup saukur ngusik kahirupan batur, bakal ditewak koar-koar mere berita anu palsu. Tah..pas ditarewak mah mingkem sungutna..euleuhh sieun dipenjara alatan pamolah tadah tuduh ka batur….
Carpon sore
“Rocky Genggerong Sok Ngarewong”
Eta jalma meuni capetang ngomong teh, siga calakan ngomongna mah ngan rada bedegong. Si Rocky ngeritik batur meuni teu aya tedeng aling-aling. Pajarkeun dangkal. Ari dangkal teh de’et. Ari de’et sarua jeung mustahil kahontal.
Anu dikritik kang Dedi ngabuktikeun yen kebijakanana hasil. Lain saukur omon-omon. Rocky pinter ngaritik batur bari manehna saukur catur euweuh solusina..naon atuh karyana saukur rusuh rurusuhan…padahal eta teh nyirikeun saha anu otakna de’et…
Kreator : Ijah Hadijah
Comment Closed: Kumpulan Cerpen sim kuring part 5
Sorry, comment are closed for this post.