“Ngadidik Anak”
Aya kitu kolot anu ngantepkeun anakna katalangsara?? Sakabeh kolot hayang anakna sukses, sholeh, babakti kanu jadi kolot. Kumaha bisa nu dipikahayang?? Anakna dididik ti leuleutik kusabab leuwih babari daripada geus gede.
Wayahna riweuh nu jadi kolot nyakolakeun, jeung magahan di imah. Pan lobana kurang kana didikan anak di imah tuluy angkat tangan embung riweuh nyerahkeun 100% ka sakola.
Ngadidik anak sorangan leuwih hese tibatan ngadidik anak batur. Matakna nu jadi kolot babagi tugas dina ngadidik anak di imah.
“Meuli Apartemen pikeun Saha??”
Pohara reuwasna maca bewara di medsos pasuliwer . Nitenan laku lampah anu goreng anu alus jadi conto atawa ulah picontoeun.
Mangkaning ayeuna mah kanyahoan tina medsos. Mang Oho curinghak teu percanten. Kumaha bisa kitu??” Gogodeg wae mang Oho. Boga harta loba meuli ieu itu, ngan leubar hartana meunang korupsi. Ayeuna mah aya istilah “pencucian uang”kunaon eta duit dicuci?!”. Gagaro teu ateul mang Oho….
Meuli apartemen tapi jeung salingkuhan. Maenya bisa kitu??…mang Oho gogodeg deui bari ngarampa sirah…
“Maung Welas Asih”
Kacaritakeun di leuweung poek mongkleng. Ngan sasatoan matana cingeus teu lalawora ngawaskeun anu aya sora….kresekk..kresekk…aya nincak kalakay garing. Masuk di luhur tangkal totoet totoet…ngabejaan aya anu gerak…Lila-lila eces dina ceuli…
Mata maung ngintip anu leumpang. Sigana jalma anu ngala pangpung di leuweung. Teu sieun eun eta nini-nini teh. Gokil pa’amprok jeung maung. Nini Emeh sigep bari nangtung nyahareupan maung. Maung ngagabrug siga nu kangen teu papanggih lila. Singhoreng nini Emeh teh anu ngurus, ngarawat anak mau ti leuleutik…maung ngarasa siga indungna.. malik welas asih…
“Ngaku DOKTOR Ari Nulis Paburantak”
Kumaha ngomongna nyaa eta jalma modus. Siga nu mamatahan tapi teu sajalur sareng aturan. Ngajalimet pamikiranana. Kuring we digogoreng. Puguh kuring mah goreng dina naon bae ayana. Ehh manehna ngaku doktor alias S3. Maenya sakola SD aclok-aclokan..
Yeuh..saha nu percanten eta jalma sok ngaku-ngaku pajarkeun lulusan itu iyeu ari ngajawab balelol. Kuring we digogoreng pajarkeun kuring bodo pisan, bisa dikukumaha sakarepna. Atuh siga sireum kuring ge ari dinyenyeri mah ngegel. Sanajan kuring bakal ngelehan…kunaon ngelehan?? Kusabab lawan kuring jalma maya nu modus tukang ngaku2 ari disuruh datang ngaleungit.
“TUKIN (Tunjangan Kinerja)”
Wayahna hirup mah kedah nyalse naon oge. Naon sih?? Kusabab ayeuna mah disorot. Gawe hade sinergi tunjanganana gede. Gawe goreng pastina oge morosot tunjangana alias leutik…
Hayang tunjangan gede tapi digawe hoream pan teu nyalse nu kitu teh. Komo pikeun pagawe pamarentah atawa ASN nu boga gajih gede nya kudu salatri. Ulah nuntut hayang gajih gede ari digawe hare-hare…
Matakna ayeuna mah ditilik deui saha nu digawe goreng wajar tunjanganana turun. Eta mah naon bae anu geus boga tunjangan. Lain tibalik jalma alus gawena tapi tunjangana leutik. Atuh karunya nu digawe aktif, disiplin komo hirup jauh ti kota. Pokokna mah ulah sagawayah dina pagawean…
“Diseungseurikeun”
Bi Inem biasana cuek bebek paripolahna teh. Sabodoan, alias teu kepo ka batur teh…har eta nuju nyetir motor butut katelah otok-otok diseungseurikeun ku budak sakola. Lobana budak abege. Bi Inem teu malik ceuceub nyeungseurikeun teh, malah mikirna motor otok2 langka pikaseurieun. Lain nyeungseurikeun dirina. Cuek we kitu pikiran bi Inem teh….
“Ayeuna mah loba nu katipu alatan fisik, penampilan luar nu kadeuleu” gerentes hate bi Inem. Nu mentereng can tangtu alus, can tangtu milik sorangan…lobana mah ngagaya bari ngaku2 eta boboga”anana padahal meunang ngahutang, maling jeung rea deui….
“Bogoh Karena Kageulisan, nu Goreng Karunya”
Rumasa tina kageulisan mah kuring eleh, matakna ulah hayang ka jalmi saperti saya…pok ceu Onah ngamimitian ngomong. Ceu Sari cambetut wae da rumasa manehna goreng patut. Atuh kumaha kuring ge sarua…lalaki ayeuna mah loba nu kataji ku kageulisan bari manehna oge goreng patut siga kaula..aihh pek teh ngahina-hina saya..pok Ceu Onah deui bari nyerengeh…mending beunghar nya..ieu mah modus wae pagawean teh..tempas ceu Sari bari sambutut da keur dahar…
Kajeun goreng ge asal ulah ngagogoreng batur bari manehna teu ngaca kana diri sorangan, ulah sirik pidik ka nu geulis, ulah ngahina siga kuring..sumuhun ceu..naon deui atuh nu diedunkeun..bakal ditinggalkeun kabeh nu didunya lamun urang maot…sumuhun ceu Sari ngabandungan.
“PLAYBOY FESBUK“
“Ahaayy…dasar pecundang gk mo nongol tuh org..gue dikadalin!!”gerutu Zeta saat membuka akun fesbuknya. Zeta anak yg baik hanya terseret percintaan di dunia fesbuk. Yang membuatnya beringas terhdp playboy fesbuk yg sudah memoduskannya.
Zeta lebih berhati-hati membuat statement berapi2 di akunnya. Yang menjelaskan bahwa waspada dan hati2 dgn kelakuan playboy cap buaya mangap yg bisa menelan korban siapa saja. Sebab bila sudah tercapai keinginan si playboy tanpa bilang2 kamu diblokir terus dibuang seperti sampah. Playboy tdk berpikir pengorbanan yg telah kamu berikan. Dengan melenggang playboy fesbuk ini memacari wanita mana saja yg penting dia happy.
Kreator : Ijah Hadijah
Comment Closed: Kumpulan Cerpen sim kuring part 7
Sorry, comment are closed for this post.