Carpon Basa Sunda
“Maung Welas Asih”
Kacaritakeun di leuweung poek mongkleng. Ngan sasatoan matana cingeus teu lalawora ngawaskeun anu aya sora….kresekk..kresekk…aya nincak kalakay garing. Manuk di luhur tangkal totoet totoet…ngabejaan aya anu gerak…Lila-lila eces dina ceuli…
Mata maung ngintip anu leumpang. Sigana jalma anu ngala pangpung di leuweung. Teu sieun eun eta nini-nini teh. Gokil pa’amprok jeung maung. Nini Emeh sigep bari nangtung nyanghareupan maung. Maung ngagabrug siga nu kangen teu papanggih lila. Singhoreng nini Emeh teh anu ngurus, ngarawat anak mau ti leuleutik…maung ngarasa siga indungna..malik welas asih…
“Meuli Apartemen pikeun Saha??”
Pohara reuwasna maca bewara di medsos pasuliwer . Nitenan laku lampah anu goreng anu alus jadi conto atawa ulah picontoeun.
Mangkaning ayeuna mah kanyahoan tina medsos. Mang Oho curinghak teu percanten. Kumaha bisa kitu??” Gogodeg wae Mang Oho. Boga harta loba meuli ieu itu, ngan leubar hartana meunang korupsi. Ayeuna mah aya istilah “pencucian uang”, kunaon eta duit dicuci?!” Gagaro teu ateul Mang Oho….
Meuli apartemen tapi jeung salingkuhan. Maenya bisa kitu??…mang Oho gogodeg deui bari ngarampa sirah…
“Ngadidik Anak”
Aya kitu kolot anu ngantepkeun anakna katalangsara?? Sakabeh kolot hayang anakna sukses, sholeh, babakti kanu jadi kolot. Kumaha bisa nu dipikahayang?? Anakna dididik ti leuleutik kusabab leuwih babari daripada geus gede…
Wayahna riweuh nu jadi kolot nyakolakeun, jeung magahan di imah. Pan lobana kurang kana didikan anak di imah tuluy angkat tangan embung riweuh nyerahkeun 100% ka sakola.
Ngadidik anak sorangan leuwih hese tibatan ngadidik anak batur. Matakna nu jadi kolot babagi tugas dina ngadidik anak di imah…
Kreator : Ijah Hadijah
Comment Closed: Kumpulan Cerpen sim kuring part 8
Sorry, comment are closed for this post.