Cerpen Basa Sunda
“NGAHANJELU”
Dumasar hirup karundung jalma teu boga, mikir takar tikir kumaha carana hirup bagja tapi teu mika nyerikeun hate batur. Bi Rumsih rumasa dirina teu mikanyerikeun sasaha, malahan mah dinyenyeri wae ku salakina..
Loba pangabutuh bari teu kawerat jadi we rarungsing hirup bi Rumsih teh.
Ari hirup ngan saukur dinyenyeri lila-lila jalma mah guligah. Ari batur mah ngomongna cobaan. Kudu kuat nandangan sagala rupa cobaan. Pokna teh bi Icih miluan ngomong. Rek nepi kamana kuatna? Bi Rumsih malik nanya deui. ” Nepi ka kiamat..hirup urang didoja, komo salaki loba lagu sagala hayang kawin deui.. nyalahkeun kanu jadi pamajikan alatan teu ngaropea, teu mirosea.. tungtungna teh pasea..”
Bi Icih nalatahan yen hirupna oge loba cobaan ngan embung nyaritakeun kesusahan hirupna….
Minggu, 23 Februari 2025
“VIRAL ULAH ALATAN NGONTEN AWON”
Jaman kiwari loba jalma nyieun konten teu make etika atawa adab. Pajarkeun supados rame, lucu, monetasi, jeung rea deui kumaha niat. Atuh da moal dipikaresep konten-konten anu ngahina, ngagejretkeun ngaran batur Ujung-ujungna mah menta dihampura.
Hayang viral ulah kitu. Da jalma netizen oge tiasa nganilai sorangan. Iyeu teh konten sae atawa amburadul teu puguh alias teu eucreug. Komo anu sok nyebut ngaran di medsos atuh we digerudug ku netizen kusabab ngagogoreng batur…batur ge boga penggemar sewang-sewangan…
Jeung naon VIRAL di medsos saukur nyieun konten anu goreng. Da moal dilieuk-lieuk acan, malah bisa dilaporkeun ka polisi..jeung rea deui…
“Beda atuh GOBLOG jeung GABLEG”
Basa nu merenah ngeunah kana hate. Lain saukur dina pamolah wungkul kitu deui dina paguneman. Paciweuh dina babasa. Meujeuh bahasana kasar, ditambah watakna kasar..asa hayang miceun jalma siga kitu teh..
Heuras dina omongan masih mending tapi teu kasar. Lamun basa kasar tuluy heuras genggerong leuwih goreng tibatan sato. Kunaon?? Sabab jalma dipaparin akal, boga rasa kaera…lolobana sato we disesebut nu katempuhan..heureuy mending tapi beda lamun ngahina atawa ngarendahkeun pagawean batur…ari Goblog jeung gableg jauh artina. Ari gableg mah boga..ari goblog mah sarua jeung belegug, dan lain-lain.
“Ulah Era Nyarita”
Ceu Edoh lamun papanggih jeung babaturanana sok carita meuni munyan menyon lambeyna. Komo bari luak lieuk sieun kadenge ku jalma anu diomongkeunana. Atuh kunaon?? Pastina oge ngomong anu awon. Pan ghibah atawa fitnah. Ceu Odah der carita deui. Manehna teh kuciwa kusabab loba nyarita, loba capek teu didenge. Bi Rumsih ngajebian. Padahal manehna oge ngomongkeun lamun ceu Odah euweuh.
Sakitu katingali akur, kompak katingalina nanging silih ngagogoreng ditukangeun..
Matakna lamun nyarita nu alus, anu mere conto. Ulah ngagogoreng. Kusabab moal aya anu hayang digogoreng mah..
Kreator : Ijah Hadijah
Comment Closed: Kumpulan Cerpen sim kuring part 9
Sorry, comment are closed for this post.